Kamis, 06 Juni 2013

THE PANAS DALAM - BUDAK BAHEULA

BUDAK BAHEULA

Yeuh. Ayah di gigireun.
Heh  nu gelo ulah gandeng. Nde Bobo.
Insy a Allah enjing-enjing bade ngiring.
Jeung  ibuna. Naik kuda di Ganesha.

Yeuh. Ieu anak sa y a.
Kasep bageur soleh nurun ti bapana.
Gaduh kaos kaki seueur warna warni.
Bade ny icil. Motor, imah jeung eusina.
Bejakeun ti bapa. Ka guru sakola.
Hirup mah nu nyata.  Rumus wae.
Bari jeung euweuh hartina.

Yeuh. Ieu diri kami.
Langkung bagja ti kaluarga Cemara.
Artos seueur tapina moal bebeja.
Hawatir disangka nyegik ku tatangga.

Yeuh. Hay u geura gede.
Cing bantuan indonesia kieu wae.
Taneh rea. Laut lega.  Duit bokek.
Nu ngurusna goreng hate. Goreng gawe.
Tingali  si ayah. Ngan nyieun ka era.
Mun kitu hampura.
Maklumlah a yah mah budak baheula.


Bandung, 2004 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar