KARAMBOL
Ujug-ujug. Ha y ang karambol.
Eujeung manehna.
Jiga nu kamari.
Leungeun manehna.
Tigebros kana liang.
Kuaing ditulungan.
Bari diusapan.
Basa harita. Hujan girimis.
Urang duaan. Jiga dina film.
Semi.
Basa harita. Urang ngelehan maneh.
Manehna meunang karambol.
Jeung atoh pisan.
Manehna seuseurian
jeung jujungkiran.
Nepi ka jauh.
Nepi ka leungit.
Yeuh ayeuna. Urang neangan.
Lamun manggihan punten wartosan.
Lamun lalaki. Dijadikeun Bebegig.
Lamun awewe. Jadi gagantina.
Bandung, 2000
Ujug-ujug. Ha y ang karambol.
Eujeung manehna.
Jiga nu kamari.
Leungeun manehna.
Tigebros kana liang.
Kuaing ditulungan.
Bari diusapan.
Basa harita. Hujan girimis.
Urang duaan. Jiga dina film.
Semi.
Basa harita. Urang ngelehan maneh.
Manehna meunang karambol.
Jeung atoh pisan.
Manehna seuseurian
jeung jujungkiran.
Nepi ka jauh.
Nepi ka leungit.
Yeuh ayeuna. Urang neangan.
Lamun manggihan punten wartosan.
Lamun lalaki. Dijadikeun Bebegig.
Lamun awewe. Jadi gagantina.
Bandung, 2000
Tidak ada komentar:
Posting Komentar